Rabu, 26 September 2012

MOKA PIKEUN DUTA WISATA

Hanjakal pribados teu tiasa hadir dina acara pamilihan Moka sa Jawa Barat nu diayakeun finalna teh ping 24 November 2008 di Sabuga ITB. Sanes teu hoyong, mung taya kasempetan we. Komo pisan pribados mah sanes budayawan, oge sanes anggota panitia deuih. Ngan saukur resep we kana acara-acara budaya sunda. Komo deui para pinilih Moka tingkat Jabar ieu mah, wartosna bade dijantenkeun para duta Wisata. 
Dina Tahun pengker, oge kantos aya pamilihan Moka pikeun tingkat Kota Bandung. Bewara nu kabaca dina koran Pikiran Rakyat waktos harita sarengsena pamilihan Mojang sareng Jajaka kota Bandung kalayan dijudulan “Moka Cantik dan Gagah, Tapi Tak Nyunda”. Salah sawios anu narik ka sim kuring teh eta cenah ku balepotannana cumarios dina basa Sunda na. Sedih oge.
Sakaterang pribados, maksad diayakeun pamilihan Moka teh taya sanes tujuan utamina mah kanggo ngamajengkeun budaya Sunda, kalebet bahasana. Pikeun barudak anom jaman kiwari mah cumarios dina basa Sunda teh asa beuki pikasediheun. Padahal, bahasa teh ngarupikeun jatidiri atanapi pondasi pameungkeut (binding faktor) pikeun urang Sunda.
Bawiraos kitu, alhamdulillah acara pamilihan Moka tingkat Jawa Barat teh parantos lekasan kalayan lumangsung aya dina kalancaran. Sanaos mung saukur ngaos dina koran PR sareng Galura, nya bangga oge kana ieu acara-acara pamilihan Moka teh. Angot saatosna uninga saha-sahana nu janten Dewan Yuri, nu di sesepuhan ku pak Eddy D. Iskandar nu teu bireuk deui kanggo urang Sunda mah. Mantenna disarengan ku para inohong Sunda sanesna nyeta Ibu Popong Otje Djundjunan, Frances B. Affandi, Bambang Aryana, sareng Ir. Chand Parwez Servia. 
Nu janten pinilih Moka Jabar 2008 teh nyaeta Aninda Sekar Putri ti Kota Bandung sareng Jefri Noor ti Kota Bogor. Sateuacanna grand final, para calon pinunjul Moka Jabar 2008 teh, wartosna diuji heula ngeunaan sababaraha materi. Di antawisna bae kedah nem­bongkeun potensi daerah asalna, kalebet kasenianana. Mung hanjakal teu patos jelasnaha cumarios basa Sunda na sareng adab-adaban (performance) kasundaan oge kalebet nu diuji? Mun tea mah henteu, aduh kalintang hanjakalna. Pan marantenna teh bade jaranten duta-duta Wisata. Kumaha atuh engke jantenna saupami bae kamahiran cumarios sunda teu kalebet nu diuji. Angot upami kauninga para pinilih Moka tehbalepotan cumarios basa Sunda. 
Aya komentar sae ti pak Aat Suratin saurna: “Mun nu jadi udaganna jadi duta budaya jeung pariwisata, un­juk kabisa atawa midangkeun kabinangkitan seni Sunda teh kudu dianggap penting. Calon duta budaya kudu boga bekel anu munel dina widang seni budaya. Rek jadi duta kumaha mun dirina teu pati wanoh kana budayana?” Kitu pisaur mang Aat Suratin, seniman anu nyu­tradaraan drama seri Ino­hong di Bojongrangkong. 
Aya pamendak sae ti seniman karawitan Nano S. nu nyaurkeun: “Can undakna ajen ka­parigelan Moka teh teu leupas tina hengkerna atikan seni jeung budaya di lembaga pendidikan. Kukituna ka parapaniten supados langkung wijaksana. Ku daraekna diajar kana kasenian oge geus untung, da dina jaman kiwari mah nonoman Sunda teh geus meh pareu­meun obor kana budayana. Sugan we ngaliwatan pasang­giri Moka mah sumanget nono­man sejena teh bakal kahudangkeun,” pokna. 
Waktos ku pribados ditaros kuma cumarios Sundana eta para Moka, mang Nano ngawaler enteng bari gumujeng: “Nya kitu tea, sesah atuh pikeun para nonoman kiwari mah. Balepotan lah. Tong boroning pikeun para nonoman atanapi ABG, dalah urang Sunda nu saentragan atanapi saumur jeung urang ge, pan sami wae atung eneh atung eneh. Amburadul deui wae alias balepotan tea. He…he…he…!” 
Di payuneun para wartawan, dina acara konprensi pers, pinilih Aninda jeung Jefri negeske­un, duanana bade kon­sekuen kana tekadna, nyeta man­cen tugas jadi duta budaya, pikeun nanjeurkeun komara budaya daerah, utamana budaya Sunda. Kalebet tugas-tugas sa nesna nu aya mangpaatna kanggo masarakat. Mugi-mugi we nya Eneng sareng Encep Moka, eta dina mancen tugas nu sakitu mulyana teh, disarengan ku itikad kiat ngomean kakirangan prakprakanana cumarios Sunda. Oge kalebet rengkak polah nu kedah Nyunda tea. Ari jenengan mah pedah eta kawas urang Eropah, hapunten cep Jefri, teu nanaon saheulaanan mah. Hawatos pasihan sepuhna. 
Rupina, mangga urang sami-sami introspeksi, naha lepat saha atuh dugi ka kiwari urang Sunda henteu nyunda. Angot saupami cumarios dina basa Sunda mah. Nu pasti mah tangtosna ge sanes kalepatan barudak nu aranom. Nanging kalepatan urang sadaya: para sepuhna, guru-guru/pendidik, sinareng lingkungan nu henteu atanapi kirang ngadukung kana kamekaran basa Sunda. Eta ge aya ari alesan klasik mah nyeta euphoria  kana basa nasional sinareng basa global. Dugi ka ngajantenkeun barudak ngora kiwari mah langkung resep sareng lancar cumarios dina basa Mandarin, Jepang, atanapi Inggris, tinimbang basa Sunda basa indungna. 
Saupamina bae kaayaan lingkungan nu kirang ngadukung, rehna taya palajaran basa Sunda di sakola-sakola, teu ayana buku-buku palajaran basa Sunda sareng alesan-alesan sanesna, rupina pamendak pribados mah tiasa oge ku cara sanes. Tos waktosna urang sami niat kiat sauyunan ku sagala cara pikeun ngamajengkeun basa atanapi budaya Sunda. Tiasa ku jalur pendidikan formal atanapi non-formal utamina bae dina cumarios sadidinten. Cenah eta teu aya guru, nya mangga pilarian we atuh saha-saha nu masih keneh tiasa ngocoblak ku basa Sunda. Di satiap tempat di Jawa Barat pasti aya. Teu kedah ngantosan para guru lulusan Fakultas Sastra Sunda pedalan UPI atanapi UNPAD.
Bawiraos kitu, pribados ngaraos reueus sareng apresiatif Â kana tarekah nu ngarupikeun kagiatan-kagiatan kiwari pikeun ngamajengkeun budaya Sunda kalebet bahasana. Diantawisna bae acara nyunda di sababaraha pusat pertelevisian Jabar, boh pikeun ngamajengkeun seni tembangna atanapi unsur-unsur budaya Sunda sanesna. Kantos sababarah waktos kapengker aya ajakan ti pupuhu Disbudpar Jabar supados di satiap kantor dianjurkeun pisan cumarios nganggo basa Sunda. Sanaos bari rada balepotan ge, teu nanaon. Eta ajakan teh kalintang saena. 
Kagiatan sanesna nyeta korespondensi dina Internet, aya sababara situs nu ngagunakeun basa Sunda. Tiasa dianggo kanggo rupi-rupi kaperyogian. Diantawisna carita pondok, karya-karya nu sifatna ilmiah, sajak, bewara kiwari, budaya Sunda sareng sajabina. Situs-situs nu kaleresan pribados sok remen korespondensi dina basa Sunda diantawisna bae: Galuh-Purba.com; Kusnet.com; sareng Nenensnest.com. Oge wartosna mah masih seueur keneh situs nu ngahaja muka rohangan atanapi muka kategori basa Sunda. Alhamdulillah, bet mani asa reueus. Geuning basa Sunda teh tiasa nga-global, sanes ngahiyang tinggal ngaran.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar