BASA,
KASENIAN,
JEUNG
KAHIRUPAN SUNDA
Ku ayana kamekaran téknologi internét nu
ngarambah nepi ka tepis wiring, tétéla mawa pangaruh nu kalintang hadé kana
kahirupan basa Sunda. Sanajan téknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina
mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial,
saperti facebook. Réa diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong téh
ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya rasa kareueus kana basa
Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa
dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh henteu salawasna goréng,
malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha
carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan.
Poé basa indung anu dipiéling saban 21 Fébuari tangtu bakal
leuwih haneuteun ku ayana natrat yén basa indung téh hirup kénéh, dina harti
masih diparaké ku masarakat dina wangkongan sapopoé. Lain baé basa Sunda, da
kaasup basa indung sélér séjénna ogé jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran
téknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO téh, anu antukna netepkeun 21
Fébuari minangka Poé Basa Indung Internasional.
Héabna sumanget pikeun ngamumulé basa Sunda ogé bisa karasa
ti kalangan rumaja. Contona, dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu
diayakeun ku Téater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targét
panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup téater rumaja
nu miluan dina éta féstival. Lain baé patandang ti Jawa Barat, da aya ogé
peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah
administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik Sunda pisan.
Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar ti tanggal 7 nepi ka 27
Fébuari, di Gedong Kasenian Rumentangsiang ogé maneuh dipidangkeun rupaning
kasenian Sunda, kayaning tari tradisonal, sandiwara Sunda, longsér, jeung
sajabana. Beuki pikabungaheun basa nengetan personilna leuwih réa
didominasi ku kaum rumaja. Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan deui,
dipidangkeun sacara maneuh di Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung Ringkang
Gumiwang kaasup dua grup sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di
Rumentangsiang.
Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina
kahirupan sapopoé, dipiharep mawa pangaruh hadé pikeun masarakat. Budaya Sunda
tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur
silih asuh. Réréongan dina kahadéan, wanoh jeung baraya katut tatangga, muga
leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran jaman, bari henteu kudu
ngaleungitkeun idéntitasna salaku urang Sunda. Pon kitu deui, taya salahna
mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian banda
urang.
Dina mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti
kudu wani aub tarung dina persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan
sangkan henteu jadi galandangan di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun
data statistik, di lembur sorangan ogé tétéla urang Sunda méh kaléléd ku para
pendatang. Widang ékonomi, pulitik, katut kasenian, ulah nepi ka kajadian jati kasilih
ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan walagri di lemah cai Sunda.
Ironis kabina-bina mangsa nyaksian urang Sunda nu teu kabagéan pacabakan tur
teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi séjén, réa nu hirupna medah-meduh, malah
ngarasa bingung kudu kumaha méakeun raja kaya.
Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah “silih
asih” téh jeung sasama téh? Naha urang bet téga ngantepkeun baraya nu
katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain baé ngamumulé basana jeung
kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara ajén inajén jeung saripati
kalinuhungan budayana pikeun dipraktékeun dina kahirupan sapopoé.
Lamun “silih asah, silih asih, jeung silih asuh” geus bisa
diterapkeun dina kahirupan sapopoé, tangtu beuki éndah Sunda téh. Éndah alamna,
éndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan
harti “Sunda” téh éndah. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé, “Sunda” mah
salawasna éndah tur reumbeuy kahadéan.
ALUS SANGKA,
GORÉNG SANGKA, JEUNG GAGABAH
Kélanan, Ahman Sya téh Ketua Tim Independen Organisasi
Kasundaan (TIOK) anu méménta jatah, aéh punten, anu masihan masukan ngaran
tokoh-tokoh urang Sunda anu disawang pipanteseun jadi mentri. Téknisna,
TIOK ngabentuk tim lima pikeun ngajaring ngaran tokoh-tokoh téa. Tim lima téh
diwengku ku Ahman Sya, Dede Mariana, H. Sunaryo Kartadinata, Hj. Nenden Sri
Lengkanawati, jeung H. Agung Sutisno. S.E.
Dina béréndélan ngaran tokoh-tokoh beunang tim lima téa,
diantarana aya kacatet ngaran Ahman Sya. Jadi, Ahman Sya milih dirina sorangan
ku soranganna, anu ceuk barudak ayeuna mah “jeruk makan jeruk”. Ana kitu mah
rék kumaha independenna? Tapi, moal pipilueun masalah internal TIOK kétang. Anu
ngajurung ieu tulisan taya lian ku ayana Ahman Sya masualkeun PPSS (Paguyuban
Panglawungan Sastra Sunda) dina Manglé No. 2233. Kilang kitu, sanajan kuring
salahsahiji pangurus PPSS, tapi henteu otomatis ieu tulisan téh jadi pernyataan
resmi PPSS. Teu béda jeung tokoh PPP Lukman Hakiem Saifuddin anu jadi jurkam
JK-Wiranto dina Pemilu Presiden kamari, apan henteu otomatis PPP ngarojong
JK-Wiranto. Malah geus karuhan PPP ngayakeun koalisi jeung Partai Demokrat.
Pon kitu deui perkara Asep Ruhimat, anu kapeto jadi
salahsahiji tokoh PPSS, tangtu baé henteu otomatis ngawakilan organisasi PPSS,
kajaba lamun miangna bener-bener ladang tina kasapukan sakumna pangurus PPSS.
Bisa jadi Asep Ruhimat mah mémang ngarojong déklarasi TIOK. Tapi, pangrojong
sacara pribadi. PPSS mémang lain Etty RS wungkul, tapi apan Etty RS téh
pupuhuna PPSS, anu mibanda wewenang pikeun nangtukeun kawijakan, ladang tina
musawarah jeung réngréngan pangurus katut anggota. Tapi da geus kasawang, moal
aya pangurus atawa anggota PPSS anu mikeun upama PPSS ilubiung dina milihan
pimentrieun, kajaba lamun calonna Godi Suwarna meureun. Duka ari pribadi-pribadina
mah, da PPSS henteu nyengker pangurus jeung anggotana, sacara pribadi,
icikibung dina pulitik, kaasup pipilueun milihan pimentrieun. Nu penting mah
henteu ngaasmanakeun PPSS. Ku kituna, sikep Asep Ruhimat, mun téa mah enya milu
ngarojong TIOK, tangtu baé moal aya nu nyalahkeun da puguh éta mah hakna ieuh.
Upama Etty RS nyebutkeun asa ditulis tonggong, tangtu baé
kalintang wajar, da puguh henteu apal duduk-perkarana. Henteu apal
duduk-perkara kalintang bédana jeung ngamanipulasi fakta. Sacara logika, rék
ngamanipulasi fakta naon, da puguh tacan terang pasualanna. Etty RS kakara
terangeun duduk-perkarana sabada nanyakeun ka Asép Ruhimat, tur katerangan ti
Asép Ruhimat téh nyaéta sakumaha anu dilaporkeun dina Manglé No. 2232.
Dina lampiran daftar hadir anu dimuat dina Manglé, mémang
aya ngaran Asep Ruhimat (PPSS), Nomor HP Asep Ruhimat (Sanés nomor telepon
PPSS), jeung tanda tangan Asép Ruhimat. Ceuk Ahman Sya, dina tulisanna, TIOK
alus sangka ka Asép Ruhimat tur nganggap wawakil PPSS. Masih ceuk Ahman Sya
dina alinéa anu sarua, TIOK henteu gagabah nyebutkeun saha baé nu milu
rumojong. Lebah dieu aya pamadegan anu kontradiktip, nyaéta antara alus sangka
jeung henteu gagabah. Sabab, aya kalana anu ujug-ujug ngaheulakeun alus sangka
téh sok gagabah. Contona, kajadian ngabeledugna bom di JW Marriott jeung
Ritz Carlton 17 Juli kaliwat, apan éta téh salahsahijina akibat tina patugas
kaamanan anu alus sangka ka teroris. Ceuk téroris, anu dibawana téh laptop.
Patugas kaamanan percaya wé, da alus sangka téa. Leuwih-leuwih ti gagabah
apanan akibatna.
Alus sangka (husnudzon) mémang sipat anu hadé.
Tapi porsina kudu diluyukeun, sok komo deui ngalibetkeun organisasi anu
anggotana kaitung loba. Lamun TIOK henteu gagabah, pantesna Asép Ruhimat téh
ditalék kalayan daria, bener atawa henteuna ngawakilan PPSS atawa saukur asmana
pribadi. Lamun ngawakilan organisasi PPSS, perlu dipénta surat resmi ti PPSS,
katut pernyataan resmi pangrojong PPSS kana hanca gawé TIOK. Ku cara nalék
sacara taliti tur henteu gagabah, dijamin moal nimbulkeun kesan TIOK goréng
sangka (suudzon). Ari saukur nyantumkeun ngaran jeung asal organisasi
mah nya taya bédana jeung Lukman Hakiem Saifuddin, tokoh PPP anu jadi jurkam
JK-Wiranto téa.
Dina alinéa 11, Ahman Sya ngedalkeun katugenah duméh aya
kekecapan “mementa jatah menteri”, sabada maca koméntar Susi jeung Ganjar (Manglé
2232). Saterusna, Ahman Sya nulis: “Ah, meureun éta mah omongan Susi jeung
Ganjar wé, atawa kalimah anu jolna ti wartawan Manglé, anu teu nyaho persis
kana duduk perkara saenyana. Ulah diparuas-parieus (diplintir) atuh, sabab bisa
nimbulkeun salah harti….”
Lebah dieu écés pisan Ahman Sya geus goréng sangka,
pangpangna ka wartawan Manglé. Kesanna wartawan Manglé téh boloho, teu
nyaho nanaon, kalayan nempatkeun dirina minangka jalmi anu pangterangna dina
urusan kekecapan basa Sunda, tug nepi ka mamatahan tatacara ngoméntaran. Pikeun
kuring, dina urusan basa Sunda mah leuwih percaya ka wartawan Manglé
batan ka Ahman Sya. Sabab, saméméhna tacan kungsi maca tulisan basa Sunda
beunang Ahman Sya.
Kuring moal ngadebat kalimah “Méménta Jatah Menteri”, da
kuring ogé teu terang saha nu ngamimitianna tur moal suudzon ka sasaha.
Kuring ukur rék ngasongkeun babandingan, nyaéta dina HU Galamedia (20/06), aya
warta ngeunaan TIOK anu judulna “Orang Sunda Harus Masuk Kabinét”. Kecap
“harus” lamun disundakeun jadi “kudu”. Ari “kudu” téh
nyaéta teu meunang henteu. Dina kecap “kudu” ngandung paksaan. Bisa
jadi, éta judul téh lain petikan tina caritaan Ahman Sya, tapi mangrupa hasil
tafsir wartawan Galamédia. Kalimah “Urang Sunda Kudu Asup Kabinét” jeung
kalimah “Méménta Jatah Menteri” mémang henteu sarua, tapi lamun
disambungkeun bisa nyambung pisan.
SEUHAH LATA-LATA
LAMUN
diibaratkeun kana rarasaan mah, kahirupan jaman kiwari téh keur meujeuhna lada
kabina-bina, anu dina dongéng sasatoan mah disebutna téh seuhah
lata-lata! Dina widang kabudayaan, ékonomi, pulitik, hukum, jeung sajabana
éstuning teu weléh harénghéng tur matak jangar ngabandunganana. Krisis idola
geus nembrak kanyataanana. Masarakat leuwih resep ka pamaén sépakbola batan ka
para pamingpin nagara. Lantaran, kiwari geus ngurangan kapercayaan téh ku ayana
pamaréntah katut wakil rahayat tacan nedunan jangji-jangjina anu kalintang
araruduh dina jaman kampanye.
Kaayaan
pamaréntahan téh asa leuwih deukeut kana bobodoran. Contona ngistrénan kepala
daérah di LP. Sidik matak ditahan ogé ku lantaran jadi tersangka korupsi, tapi
keukeuh diistrénan. Jadina matak pikaseurian basa manéhna ngucapkeun jagnji
jeung sumpah jabatan, anu jelas-jelas ti saméméhna ogé geus dirempak. Rék
kumaha rayat percaya ka pamaréntah nu siga kitu? Wakil rayat ogé katingalina
taya ketak nanaon, lantaran studi banding ngeunaan étika ogé kapan kalah ka
Yunani. Padahal lamun hayang neuleuman étika linuhung, wakil-wakil rayat téh
asa leuwih hadé studi banding ka wewengkon nu mibanda ajén-inajén budaya
linuhunng. Dianataran neuleuman kaarifan lokal, ajén budaya lemah cai nu kacida
linuhung, diajénan ku masarakat dunya, sarta awahing ku resep mah apan aya anu
diiwat tur disaluyukeun jeung budaya nagarana. Ari nu gogana, kalah
apruk-aprukan ka Yunani, anu teu hir teu walahir, tur moal nyambung jeung kapribadian
bangsa Indonésia.
Bobodoran
séjénna nu keur meujeuhna ditaranggap téh contona kasus Gayus Tambunan, nu teu
weléh jadi bahan catur. Ongkoh dibérok, tapi bisa ulin ka Bali jeung luar
nagri. Cacak anu teu dibérok ogé apan sakitu héséna hayang ngahajakeun ulin ka
Bali, komo ka luar nagri. Éta téh kakara Gayus, anu jabatanna ogé teu sabaraha
luhur. Komo atuh pajabat saluhureunana, tangtu baé ngahunang-ngahening téh
tangtuna lain akon-akon. Hanjakal nu nanjeurkeun hukum téh henteu kumawani
ngabongkar kelas kakapna mah, sangkilang geus sakitu écésna katerangan ti
Gayus. Kétang, ngurus Gayus ogé sakitu ketar-ketirna, rupaning aturan
diburak-barik ku Gayus. Seuhah lata-lata pokona mah.
Keur
meujeuhna seuhah lata-lata, ana térékél téh rega céngék ngajaul. Réa jalma nu
geus teu kabeuli céngék. Atuh anu maksakeun meuli ogé ukur tamba henteu wé keur
nambahan samara. Kadaharan nu lada geus kaitung langka, anu antukna hayang
seuhah lata-lata téh merelukeun waragad nu mahal. Teu sagawayah jalma bisa
seuhah lata-lata, kajaba sakadang monyét anu malingan céngék di kebon Pa Tani.
Ku ayana Sakadang Monyét gogorowokan “Seuhah Lata-lata”, antukna katohyan ku Pa
Tani. Nu boga dosana kabur. Ari nu kacerekna Sakadang Kuya, anu teu bisaeun
lumpat tarik. Sakadang Kuya rék dipeuncit ku Pa Tani, tapi saméméhna dikurungan
heula. Sabot keur dikurungan, Sakadang Monyét ngalongok. Ti dinya Sakadang Kuya
meunang akal keur ngabales kaculasan Sakadang Monyét. Ceuk Sakadang Kuya,
manéhna rék dikawinkeun ka anakna Pa Tani nu kalintang geulis. Puguh baé
Sakadang Monyét kabitaeun. Sakadang Monyét ngolo sangkan anu dikurungan téh
dihilian baé ku manéhna. Sakadang Kuya satuju, kalayan saratna ménta digandong
tur dialungkeun ka leuwi. Atuh geus sapuk kitu mah, Sakadang Monyét teu kalékéd
nedunan kahayang Sakadang Kuya, sarta anu dikurungan téh dihilian. Teu béda
sigana jeung Kasiem anu ditukeuran ku Karni di pangbérokan jaman kiwari.
Isukna Pa
Tani geus tatahar rék meuncit Sakadang Kuya. Atuh puguh Sakadang Monyét kacida
ngaranjug. Ngabayangkeun rék dikawinkeun jeung anak Pa Tani, kalah
dipangasahkeun bedog. Hiji-hijina jalan pikeun nyalametkeun diri nyaéta api-api
paéh. Teu béda jeung para koruptor jaman kiwari, anu sok papaéhan, mangsa geus
katohyan ngabangsat duit rayat.
Perelu
dibebenah deui cara ngokolakeun nagara téh. Pangpangna dina pasulan étika.
Piraku mani geus taya kapeundeul pisan ngabohongan rayat jeung ngagasak duit
rayat téh. Mangsa duit pajeg digasak ku Gayus sabalad-balad, Dirjen Pajak masih
kénéh taya kapeundeul masang iklan dina télévisi, nitah masarakat sangkan tumut
mayar pajeg, kalayan ngagunakeun dialog nurutan Naga Bonar, “Apa kata dunia?”
Padahal, dunya mah moal nyarita nanaon lamun masarakat geus teu bisa mayar
pajeg ogé. Justru “apa kata dunia” téh lamun pamaréntah henteu bisa ngabongkar
kasus Gayus tug nepi ka kacerek jeung tingkat gegedénna.
Enyaan, teu
béda jeung dongéng Sakadang Monyét maling céngék di kebon Pa Tani. Nu seuhah
Lata-lata sakadang Monyét, ari nu dicerekna Sakadang Kuya. Yu geura, urang
mukaan deui dongéng-dongéng sasatoan nu asli gumelar di tatar Sunda. Tuluy
bandingkeun jeung kahirupan jaman kiwari.***
MOKA PIKEUN DUTA
WISATA
Hanjakal pribados teu tiasa hadir
dina acara pamilihan Moka sa Jawa Barat nu diayakeun finalna teh ping 24 November 2008 di Sabuga ITB. Sanes teu hoyong, mung
taya kasempetan we. Komo pisan pribados mah sanes budayawan, oge sanes anggota
panitia deuih. Ngan saukur resep we kana acara-acara budaya sunda. Komo deui
para pinilih Moka tingkat Jabar ieu mah, wartosna bade dijantenkeun para duta
Wisata.Â
Dina Tahun pengker, oge kantos aya
pamilihan Moka pikeun tingkat Kota Bandung. Bewara nu kabaca dina koran Pikiran
Rakyat waktos harita sarengsena pamilihan Mojang sareng Jajaka kota Bandung kalayan dijudulan “Moka Cantik dan
Gagah, Tapi Tak Nyundaâ€. Salah sawios anu narik ka sim kuring teh eta cenah ku
balepotannana cumarios dina basa Sunda na. Sedih oge.
Sakaterang pribados, maksad
diayakeun pamilihan Moka teh taya sanes tujuan utamina mah kanggo ngamajengkeun
budaya Sunda, kalebet bahasana. Pikeun barudak anom jaman kiwari mah cumarios
dina basa Sunda teh asa beuki pikasediheun. Padahal, bahasa teh ngarupikeun
jatidiri atanapi pondasi pameungkeut (binding faktor) pikeun urang
Sunda.
Bawiraos kitu, alhamdulillah acara
pamilihan Moka tingkat Jawa Barat teh parantos lekasan kalayan lumangsung aya
dina kalancaran. Sanaos mung saukur ngaos dina koran PR sareng Galura, nya
bangga oge kana ieu acara-acara pamilihan Moka teh. Angot saatosna uninga
saha-sahana nu janten Dewan Yuri, nu di sesepuhan ku pak Eddy D. Iskandar nu
teu bireuk deui kanggo urang Sunda mah. Mantenna disarengan ku para inohong
Sunda sanesna nyeta Ibu Popong Otje Djundjunan, Frances B. Affandi, Bambang
Aryana, sareng Ir. Chand Parwez Servia.Â
Nu janten pinilih Moka Jabar 2008
teh nyaeta Aninda Sekar Putri ti Kota Bandung sareng Jefri Noor ti Kota Bogor.
Sateuacanna grand final, para calon pinunjul Moka Jabar 2008 teh, wartosna
diuji heula ngeunaan sababaraha materi. Di antawisna bae kedah nemÂbongkeun
potensi daerah asalna, kalebet kasenianana. Mung hanjakal teu patos jelasnaha cumarios basa Sunda na sareng
adab-adaban (performance) kasundaan
oge kalebet nu diuji? Mun tea mah henteu, aduh kalintang hanjakalna. Pan
marantenna teh bade jaranten duta-duta Wisata. Kumaha atuh engke jantenna
saupami bae kamahiran cumarios sunda teu kalebet nu diuji. Angot upami kauninga
para pinilih Moka tehbalepotan cumarios
basa Sunda.Â
Aya komentar sae ti pak Aat Suratin
saurna: “Mun nu jadi udaganna jadi duta budaya jeung pariwisata, unÂjuk
kabisa atawa midangkeun kabinangkitan seni Sunda teh kudu dianggap penting.
Calon duta budaya kudu boga bekel anu munel dina widang seni budaya. Rek jadi
duta kumaha mun dirina teu pati wanoh kana budayana?” Kitu pisaur mang Aat
Suratin, seniman anu nyuÂtradaraan drama seri InoÂhong di
Bojongrangkong.Â
Aya pamendak sae ti seniman
karawitan Nano S. nu nyaurkeun: “Can undakna ajen kaÂparigelan Moka teh teu
leupas tina hengkerna atikan seni jeung budaya di lembaga pendidikan. Kukituna
ka parapaniten supados langkung wijaksana. Ku daraekna diajar kana kasenian oge
geus untung, da dina jaman kiwari mah nonoman Sunda teh geus meh pareuÂmeun
obor kana budayana. Sugan we ngaliwatan pasangÂgiri Moka mah sumanget nonoÂman
sejena teh bakal kahudangkeun,” pokna.Â
Waktos ku pribados ditaros kuma
cumarios Sundana eta para Moka, mang Nano ngawaler enteng bari gumujeng:
“Nya kitu tea, sesah atuh pikeun para nonoman kiwari mah. Balepotan lah. Tong
boroning pikeun para nonoman atanapi ABG, dalah urang Sunda nu saentragan
atanapi saumur jeung urang ge, pan sami wae atung eneh atung eneh. Amburadul
deui wae alias balepotan tea. He…he…he…!â€Â
Di payuneun para wartawan, dina
acara konprensi pers, pinilih Aninda jeung Jefri negeskeÂun, duanana bade konÂsekuen
kana tekadna, nyeta manÂcen tugas jadi duta budaya, pikeun nanjeurkeun komara
budaya daerah, utamana budaya Sunda. Kalebet tugas-tugas sa nesna nu aya
mangpaatna kanggo masarakat. Mugi-mugi we nya Eneng sareng Encep Moka, eta dina
mancen tugas nu sakitu mulyana teh, disarengan ku itikad kiat ngomean
kakirangan prakprakanana cumarios Sunda. Oge kalebet rengkak polah nu kedah
Nyunda tea. Ari jenengan mah pedah eta kawas urang Eropah, hapunten cep Jefri,
teu nanaon saheulaanan mah. Hawatos pasihan sepuhna.Â
Rupina, mangga urang sami-sami
introspeksi, naha lepat saha atuh dugi ka kiwari urang
Sunda henteu nyunda. Angot saupami cumarios dina basa Sunda mah. Nu pasti mah
tangtosna ge sanes kalepatan barudak nu aranom. Nanging kalepatan urang sadaya:
para sepuhna, guru-guru/pendidik, sinareng lingkungan nu henteu atanapi kirang
ngadukung kana kamekaran basa Sunda. Eta ge aya ari alesan klasik mah nyeta euphoria kana basa nasional sinareng
basa global. Dugi ka ngajantenkeun barudak ngora kiwari mah langkung resep
sareng lancar cumarios dina basa Mandarin, Jepang, atanapi Inggris, tinimbang
basa Sunda basa indungna.Â
Saupamina bae kaayaan lingkungan nu
kirang ngadukung, rehna taya palajaran basa Sunda di sakola-sakola, teu ayana
buku-buku palajaran basa Sunda sareng alesan-alesan sanesna, rupina pamendak
pribados mah tiasa oge ku cara sanes. Tos waktosna urang sami niat kiat
sauyunan ku sagala cara pikeun ngamajengkeun basa atanapi budaya Sunda. Tiasa
ku jalur pendidikan formal atanapi non-formal utamina bae dina cumarios
sadidinten. Cenah eta teu aya guru, nya mangga pilarian we atuh saha-saha
nu masih keneh tiasa ngocoblak ku basa Sunda. Di satiap tempat di Jawa Barat
pasti aya. Teu kedah ngantosan para guru lulusan Fakultas Sastra Sunda pedalan
UPI atanapi UNPAD.
Bawiraos kitu, pribados ngaraos
reueus sareng apresiatif  kana tarekah nu
ngarupikeun kagiatan-kagiatan kiwari pikeun ngamajengkeun budaya Sunda kalebet
bahasana. Diantawisna bae acara nyunda di sababaraha pusat pertelevisian Jabar,
boh pikeun ngamajengkeun seni tembangna atanapi unsur-unsur budaya Sunda
sanesna. Kantos sababarah waktos kapengker aya ajakan ti pupuhu Disbudpar Jabar
supados di satiap kantor dianjurkeun pisan cumarios nganggo basa Sunda. Sanaos bari rada
balepotan ge, teu nanaon. Eta ajakan teh kalintang saena.Â
Kagiatan sanesna nyeta korespondensi
dina Internet, aya sababara situs nu ngagunakeun basa Sunda. Tiasa dianggo
kanggo rupi-rupi kaperyogian. Diantawisna carita pondok, karya-karya nu sifatna
ilmiah, sajak, bewara kiwari, budaya Sunda sareng sajabina. Situs-situs nu
kaleresan pribados sok remen korespondensi dina basa Sunda diantawisna bae:
Galuh-Purba.com; Kusnet.com; sareng Nenensnest.com. Oge wartosna mah masih
seueur keneh situs nu ngahaja muka rohangan atanapi muka kategori basa Sunda.
Alhamdulillah, bet mani asa reueus. Geuning basa Sunda teh tiasa nga-global,
sanes ngahiyang tinggal ngaran.***